Kumpulan Lirik Pupuh Balakbak Lagu Sunda

Lirik lagu            : Kumpulan Lirik Pupuh Balakbak Lagu Sunda Published Blog   :   Kumpulan-Semua-Lirik-lagu Pupuh Balakbak Beri...
Lirik lagu            : Kumpulan Lirik Pupuh Balakbak Lagu Sunda
Published Blog   :  Kumpulan-Semua-Lirik-lagu
Pupuh Balakbak
Berikut : Kumpulan Lirik Pupuh Balakbak Lagu Sunda
Pikaseurieun.
Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004

Bebas Wirahmah

Aya monyet ting guntayang dina tangkal - Nerekel
Jalu bikang jeung anakna sukan sukan - Rarecet
Tingcalekroh (tingcalekroh) ngakanan manggu nu asak - Teu repeh

Kocap aya begog nu misah sorangan - Garetek
Kulit manggu pirang - pirang dihakanan - Diseget
Dipiceunan (dipiceunan) sabab pait karasana - Molelel

Katenjoeun ku indungna dicontoan - Dipesek
Nu dihakan eusina anu barodas - Amis teh
Geus kitu mah (geus kitu mah) anakna ngarasa bungah - Nyerengeh


Aya Manuk
Aya manuk entep dina regang dahan - cinenten
Ucing ngintip ngadepong asoy-asoyan - si emeng
Sanggeus deukeut,(sanggeus deukeut) dirontok arek dihakan - bermanten

Ucing sial tigebrus dasar keur sial - kusue
Hanas ngintip titadi ges lila pisan - kerenyeng
Kari-kari (kari-kari) kalah ti gebrus cilaka - si emeng

Kabeneuran ku jalma anu rek nimba - katangen
Ditulungan ucing di asongan timba - nyanggereng
Pek ditarik, (pek ditarik) ati-ati lalaunan - dikerek

Geus kaluhur si emeng gancang jleng luncat - ngelemes
Uang-eong nganuhunkeun kanu haat - ges ngerek
Tadina mah, (tadi na mah) disangkana eta jalma - rek goreng

Dayeuh Bandung
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame - araheng,
Gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna - alagreng,
Tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat - garandeng.
disclaimer :
Blog ini hanya menampilkan lirik lagu dan informasi terkait darinya. Kami TIDAK membagikan link download mp3 dari lagu tersebut.