Kumpulan Lirik Pupuh Maskumambang Lagu Sunda

Lirik lagu : Kumpulan Lirik Pupuh Maskumambang Lagu Sunda Published Blog : Kumpulan-Semua-Lirik-lagu Pupuh Maskumambang Pupuh bahasa Sun...
Lirik lagu : Kumpulan Lirik Pupuh Maskumambang Lagu Sunda
Published Blog : Kumpulan-Semua-Lirik-lagu

Pupuh Maskumambang
Pupuh bahasa Sunda adalah bentuk puisi tradisional Jawa yang memiliki jumlah suku kata dan rima tertentu di setiap barisnya. Terdapat 17 jenis pupuh, masing-masing memiliki sifat tersendiri dan digunakan untuk tema cerita yang berbeda.



Berikut : Kumpulan Lirik Pupuh Maskumambang Lagu Sunda

Hey manusa mana kaniaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula

Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya rasrasan

Lirik Pupuh Maskumambang
surupan

Bebas Wirahma

Itu kusir bangun ambek-ambek teing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu nenggel ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

Tandak panambih : Pupuh Maskumambang
sedeng

Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun berang peting
Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato
Teu ngaraskeun kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lungse

Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh
Pada-pada boga rasa
disclaimer :
Blog ini hanya menampilkan lirik lagu dan informasi terkait darinya. Kami TIDAK membagikan link download mp3 dari lagu tersebut.